Soal dan Jawaban PAT Bahasa Sunda SMA/MA Kelas 11 Kurikulum 2013 Tahun 2020

Soal Siap PAT/UKK Bahasa Sunda Jenjang SMA/MA Kelas 11

Download Soal Siap dan Kunci Jawaban Penilaian Akhir Tahun (PAT/UKK) Jenjang SMA/MA Kelas 11 Mapel Bahasa Sunda Kurikulum 2013 Tahun Pelajaran 2019/2020


Ilmuguru.org - Pada kesempatan kali ini IG (IlmuGuru) ingin memberikan informasi mengenai Soal siap Penilaian Akhir Tahun (PAT) atau Ujian Kenaikan Kelas (UKK) atau Ujian Akhir Semester Genap Mata Pelajaran Bahasa Sunda Tingkat SMA/MA Kelas 11 Tahun Pelajaran 2018/2019.


Penilaian Akhir Tahun (PAT) adalah serangkaian kegiatan evaluasi yang bertujuan untuk mengukur sejauh mana ketercapaian belajar santri/siswa selama satu tahun pelajaran, jenjang SMP maupun SMA.

Soal PAT/UKK ini Kami susun dari setiap Materi Pelajaran yang diberikan dalam setiap proses KBM di Kelas selama ini bersumber dari Buku Guru dan Siswa Kelas VIII SMP/MTs Kurikulum 2013 Revisi 2017 dengan HOTs, 4C, Literasi yang dibagikan Kemdikbud dalam bentuk Elektronik (BSE).

Pada artikel kali ini kami bertujuan untuk menjadi sarana belajar bagi para siswa yang duduk di bangku Sekolah Menengah Pertama/Madrasah Tsanawiyah (SMP/MTs) yang sebentar lagi akan menghadapi Penilaian Akhir Tahun (PAT) atau Ujian Kenaikan Kelas (UKK) atau Ujian Akhir Semester Genap.

Untuk contoh soal PAT/UKK Kelas XI (Sebelas) Mata Pelajaran Bahasa Sunda Jenjang SMA/MA Tahun Pelajaran 2018/2019. Soal PAT/UKK ini bisa anda gunaka sebagai referensi dalam belajar untuk mempersiapkan diri dalam menghadapi PAT/UKK Bahasa Sunda SMA/MA Kelas 11 Tahun Pelajaran 2018/2019.

Ingat Soal ini hanya untuk latihan saja, Ada atau tidaknya dalam ujian yang sebenarnya, kami tidak bisa bertanggung jawab

Silahkan Download Soal Siap dan Kunci Jawaban PAT/UKK SMP/MTs Berikut ini



Download Soal Siap PAT Bahasa Sunda Jenjang SMA/MA Kelas 11

Isi Soal
Wacana Dongeng
Dina hiji poé Sakadang Kuya ulin ka sisi basisir. Manéhna cicing handapeun tangkal kalapa, katebak kuangin laut. Aya ku nimat. Bakating ku genah, nepi ka nundutan. Keur kitu, teu kanyahoan ti tadina, torojol Sakadang Maung, ngomong tarik ngagareuwahkeun anu keur anteng nundutan. “Ha ha ha, kabeberan, aing keur lapar manggih hakaneun!” pokna bari ngadeukeutan Sakadang Kuya. Sakadang Kuya reuwas kacida. Tapi teu bisa nyumput atawa lumpat. Dina bisana ogé kétang, kateuteu ari, da nagger bakal katéwak ku Sakadang Maung anu kaceluk tarik lumpatna. “Ké heula, Sakadang Maung,” ceuk Sakadang Kuya, neger-neger manéh. “Naon deui? Anu jelas sia bakal jadi eusi kadut aing!” ceuk Sakadang Maung, ngomongna angger bedas dibarung ku ngagerem sagala.
1. Palaku utama dina sempalan dongéng di luhur nyaéta…
a. Kuya
b. Maung
c. Kuya jeung Maung
d. Kuya jeung Peucang
e. Peucang

2. Kumaha sikep kuya sabada digarewahkeun ku Sakadang Maung ?
a. béréhan
b. reuwas
c. éléhan
d. bungah
e. pinter

3. Kumaha sipat Maung nukagambar dina éta dongéng ?
a. bageur
b. bengis
c. éléhan
d. sopan
e. hade lampah

4. Judul dongéng anu luyu jeung sempalan dongéng diluhur nyaéta…
a. Kuya jeung ajag
b. Maung dahar kuya
c. Peucang jeung Kuya
d. Kuya reuwas
e. Kuya jeung Maung

5. Dongéng diluhur kaasup kana jenis dongéng…
a. fable
b. parable
c. sasakala
d. Sagé
e. mite

6. Jalma nu mingpin diskusi disebut….
a. protokol
b. moderator
c. panyatur
d. penonton
e. pamilon

7. Nu boga pancen nepikeun materi/bahan dina diskusi disebut…
a. protokol
b. moderator
c. panyatur
d. penonton
e. pamilon

8. Hal nukudu diperhatikeun ku moderator dina mingpin diskusi, iwal…
a. Kudu bisa milih kalimah nu éfektif
b. Kudu bisa ngabagi waktu
c. Kudu bisa ngatur jalana diskusi
d. kudu bisa ngahudangkeun sumanget pamilon
e. kudu bisa nanyakeun ka panyatur

9. Kumaha cara nepikeun pamadegan dina diskusi?
a. tegas
b. maksa
c. haré-haré
d. kumaha engké
e. salsé

Wacana Biografi Pahlawan
Didi Kartasasmita dibabarkeun di Tasikmalaya, 20 Novémber 1911. Pupusna di Jakarta, 8 Oktober 1996. Sasarengan sareng Urip Sumoharjo, Didi janten peletak dasar organisasi militér Républik Indonésia.
Ti yuswa 8 taun tebih sareng sepuhna margi sakola di ELS (Europeeshe Lagere School), PHS (Prins Hendrik School), HBS (Hoogere Burger School) jeung KMA (Koninklijke Militaire Academie) di Bréda Walanda. Sadayana mangrupi sakola-sakola pikeun urang Eropah. Saréngséna sakola di Walanda, dina taun 1935 dibenum jadi perwira KNIL (Koninklijke Nederland Indisch Leger) sarta di tempatkeun di batalyon X Jakarta, di Kompi Jawa. Lajeng di kompi Manado sareng walanda totok. Kumargi nyekel deleg kana kasundaan, anjeuna alim disamikeun sareng urang Walanda.

10. Didi Kartasasmita dibabarkeun di……
a. Tasikmalaya, 20 November 1911
b. Tasikmalaya, 2 November 1911
c. Tasikmalaya, 22 November 1911
d. Bandung, 20 November 1911
e. Bandung, 2 November 1911

11. Didi Kartasasmita sakola na di……
a. Inggris
b. Walanda
c. Jepang
d. Jerman
e. Portugis

12. Kumargi nyekel deleg kana kasundaan, anjeuna alim disamikeun sareng urang Walanda.
Kecap nyekel deleg hartina…….
a. nyekel pageh, kukuh
b. nyekel tradisi
c. nyekel budaya
d. nyekel kabiasaan
e. nyekel adat

Wacana Carpon
BABALIK PIKIR

Geus opat poé Esti teu sakola. Panas tiris babakuna mah. Tadi gé geuning aya budak sakola mani ngaliud, ngalayad. Ma’lum Esti mah ketua kelas tur nyaahan pisan ka babaturan téh. Katurug-turug jelema aya. Sakalieun aya budak nu teu bogaeun buku téh, Esti mah tetelepék, jorojoy hayang ulin cenah ka imah babaturan téh. Mun geus puguh katempona babaturanna téh teu mampuh, Esti sok buru-buru mangmeulikeun buku. Pikareueuseun puguh gé. Keur mah pinter, anak nu beunghar, katurug-turug bageur deuih.

Kasoléhan Esti téh hanjakalna teu meunang pangrojong ti kolotna. Ayeuna gé bapana keur tutunjuk bari hahaok. Bapana kacida ambekeunana basa tadi Bu Rida wali kelasna nganuhunkeun kana kasaéan putrana nu tos masihan kasur sapuratina ka Ikeu babaturan sakelasna. Sihoréng budak téh nyokot tabunganana.

“Paingan atuh duit téh béak baé. Yeuh Bapa jeung Ema bisa kieu teh usaha popohoan. Dug hulu pet nyawa. Ulah kéna-kéna tabungan téh leuleuwihan duit bekel, tuluy sangeunahna dibagi-bagikeun.”

Esti cicing baé. Haténa manghanjakalkeun ku naon Si Ikeu maké ngobrol sagala ka Ibu Rida? Kumaha atuh? Kasalahan manéhna geus nembrak. Teu bébéja ka indung bapana. Ceuk pamikirna bébéja ogé ka baseuh-baseuh biwir da pasti moal diidinan, sedengkeun Ikeu kacida butuh pisan ku bantuanana. Ikeu saréna ukur dina raranjangan ditilaman ku samak salambar. Bantalna ogé buntelan bubututan. Teu bisa majar kumaha, da geus tigejebur, geus baraseuh. Esti ngeluk baé tungkul hareupeun bapana. Manéhna teu wanieun ngarérét-rérét acan. Lalaunan cai sakeclak maseuhan pipina nu pias. Da puguh hudang gering téa. Satuluyna mah ngagukguk ceurik menta dihampura ka bapana.

Sanggeus kajadian harita Esti tara deui kumawani barangbéré ka babaturanana, sanajan dina haté leutikna mah mungguh aya perang rongkah nu teu bisa kaungkulan ku sorangan. Bekelna ogé diseret ayeuna mah ku bapana téh. “Keun Bapa baé nu nabungna, sakalian di bank. Engké ogé keur saha deui, kabéh ogé dalah jang anak.” Kitu ceuk Pa Uja juragan angkot nu kacida keur meumeujeuhna beunghar.

Orokaya da jalma téh teu nanjeur baé, sataun ti harita barang Esti naék ka kelas 3 SMP angkotna tabrakan, nu maotna ogé aya opatan, atuh lumayan ogé béayana téh. Lian ti béaya, gegedéna mah jadi beuki melang loba angkot téh. Kurang katenangan. Kendat saminggu ti harita motor anyar di buruan aya nu maling. Acan ogé opat puluh poé ti barang angkot tabrakan, Pa Uja ujug-ujug gareuneuk sababadan. Barang dipariksa téh cenah infeksi darah. Geus méh sabulan awakna leuleus waé, kituna mah kandungan hémoglobinna ngan lima. Jauh pisan tina wates normal.

Soré-soré Pa Uja ngadaweung pipir jandéla. Nyawang mangsa-mangsa katukang basa manéhna jagjag. Kacida pohona kana gering. Mangsa teu boga kasusah, tara hayang nyaho kana kasusah batur. Ari ayeuna? Geuning kacida bungahna mun aya nu ngalongok, komo maké émbél-émbél ngadunga sagala “énggal damang”, cenah. Atuh da teu kitu kumaha Pa Uja mah mun lolongak ka tatangga atawa kawawuhan téh cukup diwakilan ku pamajikan baé. Basa leungit motor ogé Ikeu babaturan Esti maké ngomong kieu, “Moal sesaheun Alloh mah ngagentosan deui rejeki Bapa, komo deui da Bapa mah seueur kasaéanana”. Puguh matak dédéngéeun ‘na ceuli Pa Uja mah. Liang irung asa rebéh-rebéh baé.

“Pa, nuju naon sonten-sonten jiga nu ngemu kabingung. Tong diémutan baé panyawat mah. Apan ayeuna ogé maju ka damang. Tos dileueut landongna?” Bi Erus pamajikanana nanya.

Pa Uja ngarenjag, “Kadieu geura Ma, saha budak anu dipangmeulikeun kasur ku Esti teh?”

“Oh, Ikeu. Karunya budak téh geus pahatu lalis. Untung waé aya kénéh indung kolotna. Ceuk Esti mah bumina ogé bilik jeung taneuh keneh handapna oge. Watir puguh gé. Teu kajudi ku ema mah kumaha ninina kudu dagang sorabi bari jeung nyakolakeun incu.”

“Kutan, Ema gé wawuh?”

“Henteu ari wawuh mah. Eta wé dongéng Esti. Tuh di ditu lemburna mah, di Banjaran Hilir.”

Pa Uja unggut-unggutan.”Punten Ma, pangnyaurankeun Esti,” pokna téh.
Pamajikanana ngaléos, teu lila norojol deui. Ayeuna mah bareng jeung Esti, budakna.

“Aya pikersaeun naon naon, Pa?” Esti kacida sopanna. Kituna mah budak téh sapopoéna balik ti sakola idek liher baé di Pasantrén Darul Falah. Sahenteuna budak téh ngarti kana bagbagan agama.

“Ka dieu geulis, geuning hidep téh kacida soléhna. Bapa kakara sadar yén hidep téh lir endog hayam keur Bapa mah.”
Ku naon Bapa téh?”

“Enya ulah waka adigung, komo Bapa mah ukur tamat SD. Najan bijilna tina bujur hayam ari endog mah teu burung didahar.”

“Kumaha maksad Bapa téh?”

“Insya Alloh ti semet ayeuna Bapa taat ngaluarkeun jakat mal jeung rék ngarojong satemenna nu kadada kaduga ku Bapa, kana kahayang Esti ngabantu barudak sakola nu kolotna kurang mampuh.”

“Bapa...!” Esti ngarangkul Bapana. Hujan cimata kabungah, muji sukur ka Pangéran dipaparin pituduh babalik pikir. Soré harita keur Esti mah wuwuh pinuh ku kabagjaan.

13. Kumaha pasifatan Esti dina eta carpon?
a. sombong
b. bageur jeung berehan
c. pedit
d. sieunan
e. tara gaul

14. Naon sababna Esti dicarekan ku bapana?
a. tara sakaola
b. geringan wae
c. sok umbak ambek
d. tara ngerjakeun PR
e. sok barang bere

15. Saha anu babalik pikir dina eta carpon?
a. Esti
b. Bapana Esti
c. Indungna Esti
d. Guruna Esti
e. Babturanna Esti

16. Kecap babalik pikir ngandung harti.....
a. balik ka lemah cai
b. balik kana jalan hade
c. balik ka lembur
d. balik ka imah
e. balik kana jalan goreng

17. Sakalieun aya budak nu teu bogaeun buku téh, Esti mah tetelepék, jorojoy hayang ulin cenah ka imah babaturan téh.
Kecap tetelepék ngandung harti.....
a. tara daek tatanya
b. sok tunya-tanya
c. resep ilubiung
d. tara campur gaul
e. bawel/cerewet

18. Nyusun atawa ngawangun kecap rajékan disebutna.....
a. ngarajék
b. ngarundaykeun
c. ngaheureutan
d. ngaropéa
e. ngararangkénan

19. Ieu di handap ditatan conto-conto kecap rajékan dwiréka, iwal....
a. bulak-balik
b. gulang-guling
c. tulas-tulis
d. guru-guru
e. Tujang-tajong

20. Mana kalimah ieu di handap nu ngagunakeun kecap rajékan dwipurwa....
a. Manéhna keur mérésan buku-buku diperpustakaan
b. Ulah sok ngagakgak ari seuri téh
c. Sababaraha waktu kaliwat manéhna ulin ka Garut
d. Ulah tatajong di dinya bisi kacugak
e. Ulah sok tunggal-teunggeul ka batur bisi cilaka

21. “Sababaraha waktu kaliwat manéhna ulin ka Garut”
Kalimah di luhur ngagunakeun kecap rajékan....
a. dwipurwa
b. dwimurni
c. dwimadya
d. dwiréka
e. trilingga

22. Conto kecap rajékan dwimadya di handap ieu nu bener nyaéta....
a. sapopoé
b. tatajong
c. culang-cileung
d. kukudaan
e. guru-guru

23. “Kuring jeung manéhna sok......unggal poé minggu”
Kecap rajékan dwipurwa nu pantes pikeun ngalengkepan kalimah di luhur nyaéta....
a. Tunggal-tenggeul
b. Papanggih
c. paciwit-ciwit
d. silihbéré
e. udag-udagan

Wacana Kawih
Rampak Gawé

Hayu urang pada karumpul, batur
Beberesih sakola urang
Digawé rampak babarengan, dulur
Tempat urang beresih tur séhat
Digawé ulah rék talangké, batur
Anggur digawé sing rancagé
Gotong royong tur sauyunan, dulur
Rampak gawé, hasilna mucekil
Reff : Sakola jadi beresih
Diajar matak betah
Sakola resik tur asri
Diajar héy tur tumaninah

24. Sabaraha pada kawih di luhur?
a. 5 pada
b. 4 pada
c. 3 pada
d. 2 pada
e. sapada

25. Saha nu kudu miara kabersihan di sakola téh?
a. guru-guru
b. penjaga sakola
c. sakabéh siswa
d. sakabéh warga sakola
e. masyarakat

26. Kudu kumaha sangkan dina miara sakola teu karasa beurat?
a. Masing-masing kudu beberesih
b. Saréréa kudu daék nitah beberesih
c. Guru kudu sering nitah beberesih ka siswa
d. Sakabéh warga sakola kudu rancagé tur gotong royong beberesih
e. Sakabéh kolot siswa kudu beberesih unggal poé

27. Lamun urang daék beberesih tangtu lingkungan sakola urang bakal saperti di handap, iwal...
a. Lingkungan bakal resik
b. Sakola bakal pikabetaheun
c. Lingkungan sakola jadi séhat
d. lingkungan sakola kotor tur pikarujiteun
e. Lingkungan sakola jadi éndah

28. Maksud tina pada kadua dina kawih di luhur nyaéta....
a. Kudu daék beberesih
b. Mun hayang maju kudu digawé
c. Sakola bakal resik mun siswana beberesih
d. pagawéan mucekil kucara gotong royong
e. Lamun sakola beresih diajar gé bakal tumaninah

29. Ieu dihandap kawih anu sok dihariringkeun ku barudak bari arulin, nyaéta..
a. kalangkang
b. éslilin
c. colénak
d. mawar bodas
e. ayang-ayang gung

30. Harti husus tina ngala kembang nyaeta...
a. ngundeur
b. mipit
c. mupu
d. metik
e. gacong

31. Kecap “paranje” hartina....
a. kandang munding
b. kandang kuda
c. kandang kayam
d. kandang manuk
e. kandang sato galak

32. Kandang japati sok disebut....
a. paranje
b. gedogan
c. karapyak
d. istal
e. pagupon

33. kandang munding atawa sapi disebut.....
a. paranje
b. gedogan
c. karapyak
d. istal
e. Pagupon

Saba Budaya Ka Kampung Naga
Kampung Naga téh pernahna aya di jajalaneun antara Garut-Tasikmalaya, nyaéta di wilayah administratif Désa Néglasari, Kacamatan Salawu, Kabupatén Tasikmalaya, Provinsi Jawa Barat. Jarak ti puseur dayeuh Bandung ka Kampung Naga téh kurang leuwih 90 km, lamun dijugjug maké kendaraan kira-kira 2-3 jam.

Kampung nu aya di hiji léngkob nu subur téh diwatesan ku leuweung larangan. Anu ceuk urang Kampung Naga mah éta leuweung nu aya di beulah kuloneun Kampung Naga téh dianggap karamat teu meunang sagawayah disaba, lantaran di jero éta leuweung aya makam karuhun masarakat Kampung Naga. Ari di beulah wétan diwatesanan ku Walungan Ciwulan nu huluwotanana ti Gunung Cikuray Garut.

Kampung Naga kaasup hiji pakampungan nu masarakatna masih nyekel deleg tali paranti titingal karuhunna. Kahirupan sapopoéna masarakat Kampung Naga téh éstu basajan pisan béda jeung pakampungan-pakampungan tatar Sunda séjénna.

34. Kampung Naga téh aya di.....
a. Bandung
b. Tasikmalaya
c. Garut
d. Ciamis
e. Sukabumi

35. Aya dibeulah mana leuwueng larangan téh?
a. kuloneung Kampung Naga
b. wetaneung Kampung Naga
c. kiduleun Kampung Naga
d. kalereung kampung Naga
e. hareupeun Kampung Naga

36. Gunung Cikuray aya di....
a. Bandung
b. Tasikmalaya
c. Garut
d. Ciamis
e. Sukabumi

37. Kecap “disaba” asalna tina kecap “saba” anu hartina....
a. kaluar ti imah nuju ka tempat anu jauh
b. lumpat ti imah nuju ka tempat anu jauh
c. asup ka ka imah anu jauh.
d. meuntas ka hiji tempat
e. balik ka imah

38. Dina wacana di luhur aya kecap “léngkob” anu hartina....
a. luhur
b. lebak
c. pasir
d. gunung
e. hilir

39. Tali paranti hartina.....
a. tambang paranti nalian
b. pageuh dina nyekel prinsip
c. budaya anu maneuh
d. tali tina tambang
e. Adat istiadat nu geus baku

40. “Unggal daérah tangtu ngabogaan ciri nu mandiri ngeunaan budayana tur béda jeung daérah séjénna”
Paribasa nu luyu pikeun ngagambarkuen kalimah di luhur nyaéta....
a. jati kasilih kujunti
b. Ka cai jadi saleuwi ka darat jadi salebak
c. mipit kudu amit
d. ngala kudu bébéja
e. ciri sabumi cara sadésa

B. Jawab kalawan bener!
1. Tulis masing-masing hiji conto kalimah nu maké kecap rajékan dwimurni, dwireka, dwipurwa, dwimadya, jeung trilingga!

2. Tulis 5 harti husus tina:
a. Ngala
b. Ngumbah
c. Mawa

3. Tuliskeun papasingan dongéng jeung contona!

4. tulis harti tina kecap-kecap ieu :
a. moderator
b. panyatur
c. pamilon

5. Tulis sinopsis tina carpon nu judulna “Babalik Pikir”!

Kunci Jawaban Esay :
1. – conto kecap rajekan dwipurwa : ujang ulah sok tatajong kana awak udin karunya nyerieun tuh tinggal
- Conto kecap rajekan dwimurni: si ujang datang-datang ujung sare we , karunya cape pisan meren gawena
- Contoh kecap rajekan dwireka: karunya udin tatadi gulang-guling dina kasur
- Contoh kecap rajekandwimadya: din eta baju cik ganti sapeupeuting di pake wae , henteu bau kitu.
- Contoh kecap rajekan trilingga: Lulumpatan diudag-udag anjing, si Udin hah-héh-hoh sadatangna ka imah.

2. a. Ngala: metik, nangkep, b. Ngumbah: bebersih, c. Mawa:

3. a. Dongeng fabel mangrupa carita rekaan anu ngagambarkeun watak jalma anu diibaratkeun kana sasatoan, tatangkalan atawa barang. Dongeng fabel nyaritakeun kalakuan sasatoan anu dicaritakeun kawas jelema, saperti aya sato bisa nyarita jeung ngagunakeun akal sarta pikiran.

b. Dongeng parabel mangrupa carita rekaan pikeun nepikeun ajaran-ajaran saperti moral, agama atawa kabeneran ku jalan ngagunakeun babandingan atawa ibarat. Umpama dina fabel mah, ngaibaratkeunana teh sok ngagunakeun sasatoan, tatangkalan atawa barang, dina parabel mah ngaibaratkeunana teh ku ngagunakeun jalma anu dianggap mahiwal ti batur. Caritana loba pikaseurieun, tapi ngandung atikan.

c. Dongeng mite mangrupa carita rakyat anu nyaritakeun lalampahan hiji jalma anu ku masarakat dianggap karamat. Carita nu aya dina mite miboga latar waktu jaman baheula, anu ngandung carita ngeunaan alam semesta sarta mahluk nu aya di jerona, sarta dianggap bener-bener kajadian ku anu nulis eta carita atawa ku panganutna.

d. Dongeng sasakala atawa legenda mangrupa carita nu dipercaya ku sababaraha penduduk satempat yen carita eta teh bener-bener kungsi aya atawa kungsi kajadian, tapi henteu dianggap suci atawa sakral saperti dongeng mite.

e. Dongeng sage mangrupa carita anu aya hubunganana jeung carita sajarah, anu nyaritakeun kapahlawanan, kawanian, kasaktian sarta kaajaiban hiji jalma. Dongeng sage biasana mangrupa carita ngeunaa peperangan di jaman baheula, anu umumna caritana panjang jeung esuina nyaritakeun kapahlawanan, jalma sohor anu legendaris.

4. a. Moderator : jalma anu ngatur atawa mingpin lumangsungna hiji diskusi.
b. Panyatur: pembicara
c. Pamilon: anggota

5. sinopsis carpon babalik pikir
Aya hiji budak anu solehna kacida, nyaeta ngarana esti. Esti teh budak anu pinter, beunghar jeung berehan ka babaturanna. Teu kaop ningali baturna nu susah sok tutulung bae. Hiji mangsa esti teh di carekan ku bapana sabab kapangiheun sok berehan ka babaturanna, tapi saprak dicarekan ku kolotna sok berehan ka babaturan, ti poe kapoe bapana sok meunang musibah anu kacida rugina di tambah deui bapana geuring. Tah tidinya bapana sadar yen manehna teh beunghar tapina tara zakat jeung tara berehan kanu jalmi teu boga teh. Akhirna bapakna esti sadar yen manehna teh ngijinan ka esti kudu tutulung kanu susah.

Demikianlah artikel tentang, Soal Siap PAT/UKK Bahasa Sunda Jenjang SMA/MA Kelas 11 Tahun Pelajaran 2018/2019. Selamat Belajar, Salam Sukses...!!!

Posting Komentar

6 Komentar

  1. password nya apa bang..!

    BalasHapus
  2. kunci jawabannya mana yaa??

    BalasHapus
    Balasan
    1. untuk mass ridwan jika kamu menginginkan kunci jawaban pada soal ini bisa hubungi kami melalui Email : ilmuguru97@gmail.com

      Hapus
  3. Balasan
    1. sudah kami kasih jawaban silahkan di unduh kembali ya

      Hapus
Emoji
(y)
:)
:(
hihi
:-)
:D
=D
:-d
;(
;-(
@-)
:P
:o
:>)
(o)
:p
(p)
:-s
(m)
8-)
:-t
:-b
b-(
:-#
=p~
x-)
(k)