Soal dan Kunci Jawaban PAT Bahasa Sunda Kelas 11 K13 Tahun 2020

Ilmuguru.org - Soal dan Kunci Jawaban PAT Bahasa Sunda Kelas 11 K13 Tahun 2020
Soal Siap PAT/UKK Bahasa Sunda Kelas 11




Pada kesempatan kali ini IG (IlmuGuru) ingin memberikan informasi mengenai Soal siap Penilaian Akhir Tahun (PAT) atau Ujian Kenaikan Kelas (UKK) atau Ujian Akhir Semester Genap Mata Pelajaran Bahasa Sunda Tingkat SMA/MA Kelas 11 Tahun 2020.

Penilaian Akhir Tahun (PAT) adalah serangkaian kegiatan evaluasi yang bertujuan untuk mengukur sejauh mana ketercapaian belajar santri/siswa selama satu tahun pelajaran, jenjang SMP maupun SMA.

Soal PAT/UKK ini Kami susun dari setiap Materi Pelajaran yang diberikan dalam setiap proses KBM di Kelas selama ini bersumber dari Buku Guru dan Siswa Kelas XI SMA/MA Kurikulum 2013 Revisi 2017 dengan HOTs, 4C, Literasi yang dibagikan Kemdikbud dalam bentuk Elektronik (BSE).

Pada artikel kali ini kami bertujuan untuk menjadi sarana belajar bagi para siswa yang duduk di bangku Sekolah Menengah Atas (SMA/MA/SMK) yang sebentar lagi akan menghadapi Penilaian Akhir Tahun (PAT) atau Ujian Kenaikan Kelas (UKK) atau Ujian Akhir Semester Genap.

Contoh Soal dan Kunci Jawaban PAT/UKK Bahasa Sunda Kelas XI (11) Semester Genap Kurikulum 2013 Tahun 2020

1. Paribasa anu ngagambarkeun tabiat nu jadi anak moal pati jauh jeung nu jadi kolotna nyaeta..…
A. Uncal tara ridueun ku tanduk
B. Uyahmah tara téés ka luhur
C. Wiwirang di kolong catang
D. Umur gagaduhan, banda sasampiran
E. Ulah kuméok méméh dipacok

2. “Kudu hadé gogog hadé tagok” hartina…….
A. Hadé basa jeung hadé tingkah lakuna
B. Kudu bisa mawa awak
C. Kudu direncanakeun kalawan hadé
D. Kudu hadé penampilan
E. Ulah nurutan kalakuan batur anu goréng

3. “Kudu bisa kabula ka bale” hartina……
A. Hadé basa jeung hadé tingkah lakuna
B. Kudu bisa mawa awak
C. Kudu direncanakeun kalawan hadé
D. Kudu hadé penampilan
E. Ulah nurutan kalakuan batur anu goréng

Wacana Warta
Flu Burung téh salahsahiji panyakit anu dibalukarkeun ku virus H5N1 anu sumebarna ngaliwatan sato unggas saperti soang, hayam, manuk jeung sabangsana. Kiwari ieu wabah téh pangdipikasieunna ku sakumna masarakat nu aya di dunya sabab geus nimbulkeun palastrana jalma nu katerap ku éta virus.

Dumasar kana data ti Departemen Kasehatan, Indonesia kaasup nagara nu nyicingan rengking kahiji di dunya anu katerap ku flu burung. Propinsi Jawa Barat pisan nu panglobana katerap ieu panyakit.

Korban flu burung nu pangheulana nyaéta warga Kacamatan Serpong Kabupaten Tanggerang Banten, Iwan Siswana Rafei (38 taun) jeung dua anakna Sabrina Nurul Aisah (8 taun) jeung Talita Nurul Azizah (sataun).

Ti Séptémber 2005 sumebarna flu burung terus nérékel. Salila sabulan satengah kapanggih 19 kasus. Warga nu keuna flu burung tina éta kasus di antara baé saurang ti Subang, 4 urang ti Indramayu, nu séjénna sumebar di Jawa Barat jeung Banten.

Pikeun narékahan sumebarna flu burung, di wewengkon anu loba miara sato unggas dipariksa ku tim kasehatan. Malah di sababaraha wewengkon saperti Bekasi jeung Kabupaten lebak, ingon-ingonna nu kabuktian ngandung virus H5N1 kudu dimusnahkeun.

Paraahli kasehatan Uni Eropa ogé ngayakeun riungan pikeun ngungkulan sumebarna flu burung. Tina 90 nu katerap flu burung, di tingkat dunya, nu jadi korban téh satengahna urang Asia Timur kaasup Turki jeung Irak Timur. Hasil tina éta riungan, kaputusan anu mimiti kudu dipigawé téh nyaéta ngamusnahkeun sato unggas. (ti sababaraha sumber)

4. Judul anu pantes tur merenah keur warta di luhur nyaéta….
A. Flu Burung
B. Virus H5N1
C. Wabah sato unggas
D. Kasakit flu
E. Flu Ganas

5. Flu burung téh salah sahiji panyakit anu dibalukarkeun ku….
A. Virus influenza
B. Virus H5N1
C. Kuman
D. Bakteri
E. Virus tifus

6. Naon kaputusan tina riungan para ahli kasehatan Uni Eropa anu mimiti kudu dipigawé pikeun ngungkulan sumebarna flu burung?
A. Ngamusnahkeun sato unggas
B. Ngamusnahkeun korban flu burung
C. Ngarusmuskeun organisasi kasehatan
D. Ngamusnahkeun virus H5N1
E. Nyalametkeun korban flu burung

7. “Punten putra Ibu téh kirang dina pelajaran matematikna.” Kalimah di luhur kaasup kana gaya basa......
A. Eupimisme (rautan)
B. Personifikasi (mijalma)
C. Litotes (ngasor)
D. Hiperbola (rarahulan)
E. Metapora

8. Conto kalimah anu nuduhkeun kana gaya basa hiperbola (rarahulan) nyéta......
A. Punten pang nuntunkeun pun aki da tos kirang titingalanna
B. Manéhna ngajerit maratan langit basa ngadénge bapana maot
C. Bulan nembongan deui
D. Ah da bumi abdimah ukur saageung pelok
E. Abdimah ngaos téh dina alip-alipan kénéh

9. Jumlah engan dina sapadalisan disebut......
A. Juru lagu
B. Guru lagu
C. Juru tembang
D. Guru wilangan
E. Juru kawih

10. Sora Vokal dina tuntung padalisan disebut….
A. Juru lagu
B. Guru lagu
C. Juru tembang
D. Guru wilangan
E. Juru kawih

Cara Ngadamel Combro
Combro atawa oncom dijero nyaéta katuangan has ti Jawa Barat. Combro didamelna tina parudan sampeu nu dibentuk buleud atwa lonjong anu bagian jerona dilebetan ku oncom. Combro nyaéta kadaharan tradisional anu rasana raos kacida.

Bahan ngadamel combro teh nyaéta 1½ kg sampeu anu tos diparud, ½ Kalapa ngora anu tos diparud lembut, uyah sareng pécin sarta minyak goréng sacukupna.

Bahan kanggo eusi combro nyaéta 400 gram oncom, 5 siki céngék atawa sacukupna, 3 lambar bawang daun anu tos dihiriban, gula, cikur, uyah sacukupna sareng bumbu panyedap.

Cara ngadamelna nyaéta : mimitina sampeu dipiceun cangkangna, dikumbah teras diparud. Saentos kitu parud kalapa. Sampeu dipeureut caina teras digalokeun dina baskom nganggo parudan kalapa, uyah, sareng hiriban bawang daun.

Kanggo eusi combrona samara bangsaning céngék, uyah, cikur, gula direndos dina coet. Oncom ogé sami direndos dina samara nu tadi dugi ka pacampur.

Upami sadaya bahan tos siap, sampeu dicitak buleud atawa lonjong diasupan oncom anu tos nganggo samara tadi. Hurungkeun kompor, sok katél eusian minyak goréng, upami tos panas minyakna abuskeun adonan combro tadi digoréng dugi ka asak, cirina asak nyaéta warnana koneng ka coklat- coklatan. Teras angkat tiriskeun supaya minyakna tuus. Combro haneut siap dihidangkeun.

11. Combro mangrupa katuangan anu asalna ti….
A. Jawa Tengah
B. Jawa Timur
C. Jawa Barat
D. Yogyakarta
E. Jakarta

12. Numutkeun karangan di luhur eusi combro nyaéta…..
A. Campuran oncom, cengek, uyah, cikur sareng gula.
B. Rendosan tempe, cengek, uyah, cikur sareng gula
C. Parudan kalapa sareng oncom
D. Parudan gula beureum
E. Parudan sampeu sareng kalapa

13. Wacana di luhur kaasup kana karangan....
A. Bahasan/éksposisi
B. Arguméntasi
C. Narasi
D. Pérsuasi
E. Déskripsi

14. “Maman keur sibeungeut di pancuran” Kalimah di luhur kaasup kana wanda kalimah....
A. Ngantét
B. Jembar basajan
C. Répléktif
D. Résiprokatif
E. Naratif

15. “Barudak, cing atuh ulah paudag-udag di tengah imah.” Kalimah di luhur kaasup kana wanda kalimah....
A. Ngantét
B. Jembar basajan
C. Répléktif
D. Résiprokatif
E. Naratif

16. Di handap ieu mana anu kaasup kana kalimah reflektif?
A. Pun biang nuju moe pare
B. Abdi nuju moyan di karang
C. Kuring jeung manehna keur papelong-pelong
D. Hayam keur macokan pare
E. Kuring ngala jambu di pipir

SAPÉDAH
LAMUN pareng paamprok di jalan jeung nu sarua tumpak sepédah, Juandi sok ngarasa reugreug. Lain kuring wungkul geuning, nu lian gé aya nu kana sepédah téh, gerentesna bari ngaboséh. Ngan meureun bédana batur mah ukur sakali-kalieun tumpakna, sedengkeun manéhna mah unggal poé. Éta gé lain teu hayang buar-biur kawas batur tumpak motor. Kungsi diajar di lapang tukangeun imahna. Tapi nya-kitu ari diajar geus kolot mah, kurang kawani, padahal harita geus eungkeut-eungkeut kana bisa. Tapi basa rék, ngajaran ka jalan gedé nabrak tukang baso, tanggunganana nepi ka bahé Atuh Juandi sanduk- sanduk, jaba ngagantian mangkok anu pareupeus. Ti harita tara pirajeunan deui tumpak motor.

“Juandi tumpak sepédah baé, engké leumpang égang geura.” Cék Uho batur sakolana keur di SD. Manéhna bangun rék balik, nungtun motorna. Juandi nyahoeun adat Uho cawadan, matak ku manéhna tara diwaro. Juandi tonggoy wé nungtun sepédah nepi ka lawang pager imahna. Uho nu ngajanteng teu dilayanan.

Sepédah keur manéhna lain ngan ukur kendaraan paragi ka kantor, tapi aya carita anu moal bisa dipopohokeun. Teuing taun sabaraha dibeulina, da basa karék asup ka SD ogé geus nyampak. Inget basa bapana aya kénéh, manéhna sok diajak nyiar endog ka sakur nu baroga meri. Juandi anjeucleu diuk diboncéng mawa ciréng wadah endog. Mun seug inget ka dinya haténa sok ngarakacak. Atuda udar-ider dagang téh nepi ka kiwari terus dipaju henteu dilésotkeun. Pangna nepi ka bisa digawé gé, éta cukang lantaranana.

“Bisi rék ngajual sepédah aya nu butuheun.” Cék Uho basa Juandi keur ngukey nyetél pélek. “Moal, lebar,” témbal Juandi bangun keuheul.

“Geus lain jamanna tumpak sepédah mah.” Uho ngécé.
“Kumaha urang, rék jaman rék lain, nu penting nepi ka tujuan tur salamet,” témbalna.
“Payu dua juta tah Juandi mun dijual mah. Ladangna paké uang muka keur ngiridit motor. Bisi butuh motor urut, aya di babaturan kuring. Ieu gé yeuh cacak urut, hadé pan,” cék Uho reueus, bari ngalak-ngilik motorna.
“Lain teu butuh ku barang Ho. Kuring mah tumpak sepédah gé cukup, genah awak hararampang.” “Keur nanahaon atuh ladang usaha, ari teu dipaké mah!” Cék Uho nyetater motor, biur indit, teu nolih ka nu keur ngoprék ngomékeun sepédah.

Saléosna Uho Nyi Ramsih pamajikanana norojol ti dapur, kakara bérés ngagéroh endog asin kulubeun.

“Naon deui Uho téh Kang?” “Nawaran, bisi rék meuli motor.”
“Butuh ku paleuleuwihna meureun. Kawantu legag-legig euweuh gawé manéhna mah,” Cék Nyi Ramsih bari nutupkeun panto. Sanajan teu maliré, tapi ari mindeng-mindeng teuing mah, caritaan Uho téh sok matak nyeri kana haténa. Unggal poé Juandi indit ti imahna matuh, pukul tujuh. Kurang leuwih sajam di jalan geus nepi. Juandi tara kungsi kabeurangan, malah manéhna nu sok datang pangisukna. Ku kitu téana mah tanggung jawab kana tugasna salaku penjaga. Réngsé bébérés di jero, laju sasapu di buruan, kurad-koréd jukut nu jaradi dina sela-sela paving blok. Pikeun manéhna jadi pagawé najan ukur pasapon ogé ngarasa sukur. Balikna bisa ngamangpaatkeun sésa waktu nu aya. Lian ti dagang endog, neruskeun tapak lacak kolotna. Usum panén sepédah dipaké ngojég ségon.

17. Saha anu nawaran motor ka Juandi?
A. Ramsih
B. Bapana Uho
C. Uho
D. Indungna Juandi
E. Pamajikan Juandi

18. Naon sababna Juandi teu daék numpak deui?
A. Kapok pédah kungsi nabrak tukang baso
B. Teu boga duit keur meulina
C. Resep kénéh tumpak mobil
D. Sapédahna masih weuteuh
E. Motorna teu aya nu alus

19. Kumaha perasaan Juandi mun aya batur anu tumpak sapédah siga manéhna?
A. Sok ngarasa éra
B. Sok bungaheun
C. Sok ngarasa reugreug
D. Ngarasa kasaingan
E. Ngarasa karunya

20. Naon alesan Juandi embung lesot tina sapédah heubeulna?
A. Teu boga duit keur meulina deui
B. Sapedahna mawa carita anu teu bisa dipopohokeun
C. Karunya kabapana anu mere éta sapédah
D. Teu wani mun tumpak motormah
E. Dicaram ku pamajikanna

21. Naon anu ditéangan ku Bapana Juandi waktu Juandi keur letik bari tumpak sapedah?
A. Hayam
B. Endog hayam
C. Meri
D. Endog meri
E. Endog puyuh

22. Salian dipaké ka kantor sapédah ku Juandi sok di paké.....
A. Dagang endog jeung ngojég ségon
B. Nganteurkeun pamajikanna ka huma
C. Nganteurkeun anakna ka sakola
D. Dagang sayuran ka pasar
E. Ngala ségon ka sawah

23. Dihandap ieu mana anu teu kaasup kana kalimah salancar basajan?
A. Kandang manuk dipindahkeun
B. Tatangga gigireun Duyeuh maot
C. Kuda lumpatna tarik pisan
D. Pa Guru Tatang miwarang ngapalkeun
E. Hayam anu kuring arek nyileungleum

24. Anu kaasup kana kalimah salancar jembar nyaéta....
A. Kandang manuk dipindahkeun ka pipir
B. Tatangga gigireun Duyeuh maot
C. Kuda lumpatna tarik pisan
D. Pa Guru Tatang miwarang ngapalkeun
E. Hayam anu kuring arek nyileungleum

25. Kalimah salancar jembar basajan anu caritaanna diwangun ku frasa nyaéta .....
A. Kandang manuk dipindahkeun
B. Tatangga gigireun Duyeuh maot
C. Kuda lumpatna tarik pisan
D. Pa Guru Tatang miwarang ngapalkeun
E. Hayam anu kuring arek nyileungleum

26. Kalimah salncar jembar anu jejer jeung caritaanna diwangun ku frasa nyaéta.....
A. Kandang manuk dipindahkeun
B. Tatangga gigireun Duyeuh maot
C. Kuda lumpatna tarik pisan
D. Pa Guru Tatang miwarang ngapalkeun di kelas
E. Hayam anu kuring arek nyileungleum

27. Kalimah salancar jembar anu maké objek nyaéta....
A. Mimih nuju nyeuseuhan di pancuran
B. Bapa guru nuju maca di perpustakaan
C. Manéhna rék indit isukan
D. Anak domba keur ngahakanan jukut di sisi balong
E. Hayam anu kuring arek nyileungleum

28. Kecap pagawéan aktif anu mibanda harti loba anu ngalakukeunana nyaéta….
A. Patingjelegér
B. Tingburinyany
C. Tingkocéak
D. Balayar
E. Perlambang

29. Kecap barang anu ngandung harti “anu jadi...” Nyaéta….
A. Balayar
B. Pertanda
C. Perbawa
D. Perwatek
E. Badarat

30. Rarangkén hareup pating- anu ngandung harti loba tuluy-tumuluy aya dina kecap....
A. Patingjorowok
B. Patingkoceak
C. Patingsérédét
D. Patingkélémés
E. Patingcalengir

31. Mana kecap rundayan anu nuduhkeun kaayaan?
A. Kahujanan
B. Kabawa
C. Dibawa
D. Ngaluarkeun
E. Dialaan

32. “buah keur diala ku mang Juhro”. Kalimah di luhur nyaéta kalimah....
A. Aktif
B. Pasif
C. Transitif
D. Replektif
E. Resoprokatif

33. Boro-boro lindeuk banténgmah, anu puguh mani…da tuman hirup di leuweung.
A. Galak
B. Linghas
C. Bageur
D. Sangar
E. Sieun

Rampak Gawé
Hayu urang pada karumpul, batur Beberesih sakola urang
Digawé rampak babarengan, dulur Tempat urang beresih tur séhat
Digawé ulah rék talangké, batur Anggur digawé sing rancagé Gotong royong tur sauyunan, dulur Rampak gawé, hasilna mucekil
Reff : Sakola jadi beresih Diajar matak betah Sakola resik tur asri Diajar héy tur tumaninah

34. Sabaraha pada kawih di luhur?
A. 5 pada
B. 4 pada
C. 3 pada
D. 2 pada
E. Sapada

35. Saha nu kudu miara kabersihan di sakola téh?
A. Guru-guru
B. Penjaga sakola
C. Sakabéh siswa
D. Sakabéh warga sakola
E. Masyarakat

36. Kudu kumaha sangkan dina miara sakola teu karasa beurat?
A. Masing-masing kudu beberesih
B. Saréréa kudu daék nitah beberesih
C. Guru kudu sering nitah beberesih ka siswa
D. Sakabéh warga sakola kudu rancagé tur gotong royong beberesih
E. Sakabéh kolot siswa kudu beberesih unggal poé

37. Lamun urang daék beberesih tangtu lingkungan sakola urang bakal saperti di handap, iwal...
A. Lingkungan bakal resik
B. Sakola bakal pikabetaheun
C. Lingkungan sakola jadi séhat
D. Lingkungan sakola kotor tur pikarujiteun
E. Lingkungan sakola jadi éndah

38. Maksud tina pada kadua dina kawih di luhur nyaéta....
A. Kudu daék beberesih
B. Mun hayang maju kudu digawé
C. Sakola bakal resik mun siswana beberesih
D. Pagawéan mucekil kucara gotong royong
E. Lamun sakola beresih diajar gé bakal tumaninah

39. Ieu dihandap kawih anu sok dihariringkeun ku barudak bari arulin, nyaéta....
A. Kalangkang
B. Éslilin
C. Colénak
D. Mawar bodas
E. Ayang-ayang gung

40. Kecap rundayan anu nuduhkeun pagawéan nyaéta....
A. Kahujanan
B. Kapanasan
C. Bajoang
D. Perlambang
E. Perbawa

II. Esay! Jawab kalawan bener !
1. Tulis harti babasan atawa paribasa ieu dihandap!
a. awak sampayan
b. legok tapak genténg kadék
c. jati kasilih kujunti

2. Tulis ngaran 5 waditra atawa alat-alat seni sunda!

3. Tulis unsur-unsur intrinsik nu aya dina novel!

4. Jieun kalimah tina kecap-kecap ieu di handap!
a. balayar
b. perlambang
c. nyanghareup
d. patingkocéak
e. tingjorowok

5. Lengkepan babasan atawa paribasa ieu di handap ku kecap kawas, Siga, Ulah jeung Kudu!
a. ngaji rasa
b. gede hulu
c. cai jeung minyak
d. ucing jeung anjing

Ingat Soal ini hanya untuk latihan saja, Ada atau tidaknya dalam ujian yang sebenarnya, kami tidak bisa bertanggung jawab

Download soal dan Kunci Jawaban PAT Bahasa Sunda Kelas 11 Kurikulum 2013


Untuk Soal dan Kunci Jawaban PAT Bahasa Sunda Kelas 11 Kurikulum 2013 Tahun 2020. Soal PAT/UKK ini bisa anda gunaka sebagai referensi dalam belajar untuk mempersiapkan diri dalam menghadapi PAT/UKK tahun ini. Untuk selengkapnya Silahkan Download pada link dibawah ini.



Download Soal PAT Bahasa Sunda Kelas 11 Tahun 2020

Demikianlah artikel tentang, Soal dan Kunci Jawaban PAT Bahasa Sunda Kelas 11 Kurikulum 2013 Tahun 2020. Selamat Belajar, Salam Sukses...!!!

Posting Komentar

0 Komentar